Nitikan.id – Kacaritakeun di hiji mangsa aya kajadian anu pabeulit jeung riweuh.
Bos: “Eu.. Mawar siapkeun ayeuna urang rapat , informasikeun kasadaya kapala bagian”.
Mawar: “Mangga Pa … siaap !!” Nelpon kasalakina. “Halo Pah … sigana mah mamah uih rada telat , aya rapat ngadadak di kantor… eu .. pami tuang mah ka rumah makan padang weh nya pah… sigana mah uih na rada wengi”. Nutup telepon.
Salakina Mawar nelpon ka salingkuhanana, guru Melati, “Halo beib … kadieulah urang hepi hepi, di bumi teu aya sasaha, si bawel uihna wengi… ok diantos nya say … siiiplah.” Bari nutup telpon.
Bu Melati: “Eu… barudak, kumargi ibu aya kaperyogian ayeuna bebas … bubar !!”
“Horrrreeeeee….. ” sora barudak meni reang, si Ucil nyokot HP tina kantongna .. tuluy nelpon ka bapana…
Ucil: “Halo Pah , ayeuna Ucil bebas, sakola dibubarkeun kumargi ibuna aya kaperyogian, anteur ka toko buku teh ayeuna weh nya Pah, ku Ucil diantosan di sakola, oke paaah, daaaah …” nutup telepon .
Bos nutup telepon, langsung mencet deui interkom ka sekretarisna, “Eu… Mawar rapat teh teu tulus. Si Ucil anak bapa hayang dianteur heula ka toko buku”
Mawar nelpon deui kasalakina, “Pah … pah … wios tong emam di rumah makan padang, mamah teu cios rapatna, dicancel ku bos”, nutup telpon.
Salakina Mawar: “Euuuh … kacaw !!” Tuluy nelpon deui, ” Beib, tong cios ka bumi, si bawel teu tulus balik peutingna, kacaawww !!”
Bu guru Melati: “hey .. hey … barudak, hayoh lalebet deui, urang diajar deui, ibuna teu cios aya peryogina.”
“Huuuuuu….” sora barudak anu geus rek balalik anu geus kaluar ge digareroan deui sina asup … Si Ucil nyokot deui HP tina kantong, tuluy nelpon ka bapana…
Ucil: “Halo paaaah …. ka toko buku teh tong cios ayeuna, teu cios bubarna.”
Bos mencet interkom tuluy ngomong ka sekretarisna, “Mawar, rrapat teh ayeuna, oke informasikeun ka kepala bagian kabeh.”
Hadeuhhh Riweuhhh .. heuheuheu
***Carita ieu ukur carita piktip, teu aya maksad menyudutkan nama & propesi mana oge.

