Nitikan.id – Karja teu sadar geus jam 12 peuting. Manehna jongjon kangeunahan maen game di hape. Geus karasa tunduh hape disimpen bari nyolokeun kabel casan kana hape.
“Waduh..!” Si Karja reuwaseun pas hudang sare ningali jam geus jam 05:15.
Nya rek teu reuwas kumaha, manehna aya jangji jeung kabogohna, aranna Wulan, jam satengah genep nganteur ka stasion.
Basa peutingna Karja ngobrol jeung kabogohna. Kabogohna katarima gawe di Kota, jadi jangjian Karja rek nganteur Wulan ka stasion.
Reuwas hudang sare, pas ningali hape Karja olohok ningali hapena pareum. Padahal kabel casan nempel kana hape. Singhoreng teh pas peuting rek sare, kabel casan dicolokeun kanu hape, tapi carjerna teu dicolokeun kanu listrik.
Atuh beuki sasah Karja, kukulutus bari nyolokeun casan.
Karja langsung hudang arek mandi.
Dasarna keur sasah, suku Karja tikosewad kana simut. Gedebug! Karja labuh bari ngadapang. Untungna teu nanaon. Ngan tuur weh rada linu.
Bari inced-incedan Karja nyokot anduk asup ka mamar mandi.
Nyokot sikat gigi, dasar keur sasah, nu dielodkeun kana sikat lain odol tapi biore keur ngumbah beungeut. Nya puguh weh pas disikatkeun ka na huntu teh beda rasana.
Karja hohowekan bari kekemu tuluy ganti ku odol. Pas arek make sabun singhoreng teh sabunna beak. Hadeuhhh…
Karja gegejeburan bari kesel tuluy dianduk.
Beres make baju jeung calana, nyangking kantong jerona aya dompet jeung hape anu ngan kaeusian batre 5%, rek mangkat ngajemput Wulan.
Motor Supra diselah, dasar ku sasah, panyelahana lesang. Bletruk..! “Adawww..” leuleuncangeun Karja lecet ku panyelahan.
Karja muringis. Tuluy nyelah deui lalaunan. Motor hirup. Tuluy mangkat bari rusuh mawa motorna.
Pas ngadeukeutan tungtung gang aya polisi tidur. Gajlug. Kececes. Motor pareum. Ban bocor. Bensin beak. Karja leuleus diuk di trotoar gigireun motorna.
Karja muka saleting kantongna. Ningali hape. Pas muka WA aya Miskol 5x ti kabogohna jeung 2 chattingan.
Anu hiji ibu kos nagih duit kos. Anu hiji deuina babaturana nagih hutang.
Ningali jam di hape geus jam 6. Sedengkeun kareta mangkatna jam 6. Karja nepak tarang bari ngurut leuleuncangeun anu lecet gagara nyelah motor.
Karja lieur. Bari inced-incedan Karja ngadorong motor. Karak ge 20 meter ngadorong ngadadak hujan badag.
Karja sasah ngiuhan hareupeun toko, eta oge ampir-ampiran tisoledat da emper tokona keramik baseuh.
Karja diuk di motor. Hapena kasada. “Ning-nong”. Karja nuka WA ti kavogohna.
Eusina “AA ngabohong, saurna bade ngajemput Wulan. AA kunaon? Tos teu bogoh? Ditelepon pareum hapena. Wulan ampir wae katinggaleun kareta. AA tos teu paduli ka Wulan. AA tos teu bogoh. Mulai ayeuna Wulan ngenta PUTUS”.
Jelegerr…!! Bentar jeung guludug meni tarik pisan. Karja reuwaseun. Hapena murag. Pareum.
Karja nyokot hapena. Bari dongko Karja ceurik.
“Aduh Gusti… kieu-kieu teuing. Suku nyeri, ban bocor, bensin beak, ibu kos nagih, babaturan nagih hutang, diputuskeun kabogoh, hape rusak”
Karja ceurik tarik sesenggukan.
Keur ceurik kitu aya nu nowel tonggong karja. Ditowel sababaraha kali karja teu karasaeun. Pas dikelepak pingpingna Karja ngorejat.
“Emak” Karja culang-cileung.
“Maneh, kunaon leweh? Matak mun jagat rek magrib ulah sare”. Ceuk emakna bari ngaleos.
Karja jiga nu linglung.
“Alhamdulillah Gusti mung ngimpi”

