Nitikan.id – Ngiuhan handapeun tangkal caringin di alun-alun Subang bari gegeber ku anduk leutik. Geus sababaraha minggu ieu karasa pisan dagang tiiseun. Cacakan halodo, komo mun usum hujan.
Wanci geus beuki burit. Tibatan haseum kapiceun nya céndol téh dibagikeun ka barudak sakola nu bareng ngariuhan.
“Ngeunah cendolna mang, komo mun ditambahan sabungkus keur di imah. Ha..ha..dikasih hati minta jantung nya Mang!” Ceuk budak nu pangwanterna maido.
“Nuhun nya Mamang bageur!” Bari tuluy lalumpatan muru angkot. Aya saeutik kabungah nempo barudak jaligrah téh. ceramicagroup.am Jadi inget ka si Cikal nu sapantarana.
Ningali jam geus satengah genep. Kakara ngarasa pugag rék mulang ka imah. Ngodok pésak ngan aya tilu puluh lima rébu lima ratus pérak. Léng ngahuleng. Kumaha ongkos budak sakola isukan. Gas beak, beas beak. Kumaha deungeun sangu keur ayeuna. Can modal mun hayang dagang deui.
Keur anteng ngalamun jol réa aleutan jalma marake baju komprang hideung. Lalakina digarelung. Awéwé maraké kabaya coklat samping hideung sabitis.
Naranggung jeung ngagandong dagangan. Sababaraha urang diantarana ngaradon ngiuhan. Jelas Kuring teu warawuh.
“Bajonglah dagangan Kami ku Andika. Bisi Kami kapoékan!” Ceuk salah saurangna.
Nempo Pais lauk. Beuleum ketan, jeung peuyeum sampeu meni kumétap. Kuring nunjuk beuleum ketan bari nanya hargana. Lima sénan cenah. Pikir téh pasti lima rébuan. Song duit dibikeun meunang hijieun meureun.
Nu dagang kalah geugeumeueun, melong duit siga nu reuwas. Bari ngadarégdég gap duit nu limaratus pérak kuningan ditampanan. Ditilik-tilik tuluy dikurilingkeun ka babaturannana.
“Tah béas sagentong ngan 500 sénneun,
Pais lauk satalénneun. Gula beureum katut uyah 40 gobangeun. Tinangtu hamo aya pulanganna. Pulanganna urang kanu génggé jeung geulang Rubiah déwék baé nya? Ngan can puguh balitunganna. Nu jelas éta gé aya kénéh paleuleuwih ridokeun keur Kami nya! Da nu salambar éta gé komo ambeu lima tauneun keur bekel Andika!” Ceuk salah saurang tukang dagang lalaki meni paciweuh.
Can réngsé mikiran duit jeung balanjaan, bet lusles nu daragang ilang tanpa karana. Tinggal Kuring nu bingung ngarandapan nu cikénéh kalakon.
Bingung ku balanjaan. Nyata, atawa lamunan hungkul. Lamun nyata kumaha mawa balanjaan nu lain saeutik. Mata peurih bakat gigisik…! Naha ngimpi atawa nyata.
☆☆☆☆☆

