Nitikan.id – Ari keur usum ngabuburit kieu teh sok inget jaman baheula. Jaman harita lalajoan ngan TVRI wungkul, beda jeung ayeuna lalajoaneun bisa dimana wae jeung iraha wae waktuna bisa nempo kana hape.
Kaayaan pilemburan dina taun 90-an tangtu kacida jauh beda kayaanna jeung mangsa kiwari.
Barudak lembur anu umurna saentragan atawa leuwih kolot jeung kuring tangtu masih kénéh bisa ngarasa kumaha kaangseuna haseup jarami anu diduruk?
Masih kénéh kadéngé kumaha béréléna embé ti kandang? Karasa kénéh kumaha ngahiliwirna angin anu niup ti sawah ka jalan, wanci pasosoré saméméh tunggang gunung.
Sawah mayakpak, réngsé dibuat (panén). Usum halodo, kabeneran harita saheuleut jeung bulan puasa. Jalan ti balandongan nepi ka lebak can diaspal kawas ayeuna. Para nonoman ngadon ngabuburit, paling banter ngumpul ngariung di sasak atawa lonéng.
Handapeun sasak ngamalir cai susukan, nyelecep komo mun guyang pas puasa, asa dicas deui mun batre hapè mah, ngan cai susukan baheula mah teu kawas cai susukan mangsa kiwari anu dipinuhan ku rupaning ‘polusi’.

Cai susukan taun 90-an mah masih kénéh bisa dipaké keur nyaian kulah masigit, bisa dipaké mandi, guyang, jeung wudu.
Réngsé usum dibuat atawa panén biasana sok disusul ku usum langlayangan. Ti réngsé ashar nepi ka di masigit réang kunu pupujian, langit dipinuhan ku langlayangan.
Barudak saruka bungah, da ku cara ngapungkeun langlayangan mah nungguan nepi ka waktu buka téh asa sakeudeung. Langlayangan anu mapaésan langit kasorot ku cahya srangéngé anu hibar mayakpak pulas konéng semu gedang asak.
Gunung anu rajeg beulah kiduleun wewengkon katénjo bulao pikabetaheun anu nénjo. Sakapeung sok asa hayang ulin ka gunung da katénjo éndah. Alam tiis, simpé, teu harénghéng ku pasoalan nu sifatna ngaririweuh diri sorangan.
Kuring sok ngarénghap nalika nénjo tangkal kalapa ti kajauhan, daunna katebak ku angin, gugupay, ngahiyap hayu ka dieu cenah.
Hartina, alam geus méré leuwih ti cukup sagala pangabutuh jalma utamana perkara anu aya hubunganna jeung rasa (seni-kaéndahan).
Barudak pating beretek ngudag langlayangan. Tincakeun henteu ditolih, bebeleksekkan kana sawah rawa ogé teu jadi sual, nu penting langlayangan kaudag.
Babakuna sok aya barudak anu parebut da pada ngaklém (ngaku-ngaku) anu pangheulana néwak gelasan
Bedil Lodong
Aya alesan kunaon sababna bulan puasa idéntik jeung pating beledug jeung jelegurna sora pepetasan atawa bedil lodong/bedil sundut.
Dina tradisi kaislaman hal ieu mangrupa kabiasaan salila bulan puasa di mimitian tina tradisi pasantrén jeung pilemburan, anu jadi kyai ngaluarkeun hiji kawijakan ka para santri jeung masarakat tibatan bulan puasa ngalakonan hal-hal anu matak ngurangan pahala puasa mending saré.
Didalilan baé, saréna jalma anu keur puasa mangrupa ibadah. Keur ngahudangkeun para santri jeung masarakat anu sararé, kyai ngabeledugkeun pepetasan. Santri jeung masarakat pating koréjat.
Bedil lodong atawa bedil karbit dijieun tina tangkal gedang, tuluy dikubur, ceuk carita mah anu nyieunna Mang Utom, dibeledugkeun tiap jam 17.00 WIB pasosoré saméméh wanci tunggang gunung.
Beledugna sora bedil sundut awuhan mancawura ka tiap sikluk, ceuk béja radius awuhanna bisa nepi ka 3 KM. Sora pating beledug jeung jelegurna pepetasan jeung bedil sundut mangrupa totondén wanci geus deukeut kana buka puasa.
Ngan saukur totondén, disadakeunna dina waktu anu geus matuh, lamun heunteu saméméh magrib pasti wanci janari saméméh asup waktu imsak.

Tradisi pasantrén jeung kahirupan masarakat pilemburan modél kitu kadieunakeunna mimiti mahabu dilakonan ku masarakat biasa, mapay ka kota-kota gedé, saolah anu ngaranna bulan puasa kudu haneuteun ku sora pating jelegurna sora pepetasan jeung bedil karbit.
Laju waktu, mapayna jaman tangtu mawa pangaruh kana beuki réana modél, bentuk, atawa varian jinis pepetasan.
Mimiti asup ka taun 90-an, pepetasan jinis anyar anu henteu ngagunakeun deui sumbu mimiti dipikawanoh ku barudak.
Nyundut pepetasan henteu kudu langsung kana sumbuna, barudak geus henteu sieun deui ku pepetasan anu ujug-ujug ngabeledug dina leungeun kénéh.
Disadana pepetasan kawas bom waktu dina mangsa harita mah, ngabeledugna bisa nunggu kana satengah menit lilana ti semet pepetasan disundut.
Jaman beuki kadieu beuki leungit rarasan kaèra jrlrma jeung teu ngarti kana hakekat tradisi, matak ge sangeunahna diobah tapi euweuh èsènsina.
Aturan ngeunaan henteu meunangna masarakat nyundut pepetasan jeung bedil karbit sabenerna geus lumangsung dina taun 1994.
Aparat kaamanan nyaéta Pulisi jeung TNI ngaluarkeun béwara, sangkan bulan puasa henteu diririweuh ku pating jelegurna sora pepetasan jeung bedil karbit kusabab akibat goréngna leuwih gedé tibatan mangpaatna. Tangtu baé henteu sakabéh masarakat ngagugu kana éta aturan.
Taun 80-an mangrupa mangsa digjayana bedil karbit, di wewengkon séjén disebut bedil lodong, aya ogé anu nyebut bedil sundut. Barudak geus paheula-heula nuar gombong di kebon, teuing kebon saha deuih.
Gombong diteukteukkan, panjangna kana 1,5 nepi ka 2 meter. Budak séjénna ngahaja geus meuli karbit kana sakiloan di dayeuh, baheula mah tukang karbit mayakpak daragang di deukeut rél karéta, saméméh stasion.
Gombong anu geus siap dijadikeun bedil karbit diteundeun ngéntép di sisi lembur. Nyundutna dina wanci sanggeus ashar (waktuna ngabuburit) jeung wanci janari nalika masarakat keur ngalakonan sahur.
Tangtu baé lembur jadi haneuteun, ramé, kusabab dina mangsa harita euweuh hiburan atawa kariaan alternatif salila puasa.

