Nitikan.id – Kacaritakeun hiji mangsa bulan puasa, sobat uing arana Dakim anu ayeuna jadi lurah Desa Kiara Jegjreg, manehna kungsi ngalaman poho baheula keur mangsa bujangan keneh.
Caritana dina poe kahiji puasa, manehna hudang sare, kira-kira jam sawelas beurang, bari lulungguh keneh ngeukeup bantal guling ngararasakeun beuteungna ngerebek.
Katambah ongkoh karasa tikorona garing, ari rèt kana meja gigireun risbang, aya cai entèh sèsa peuting dina cangkir gelas, langsung we dileguk.
“Meni ni’mat karasana, cai enteh bari sesa peuting anu semu amis tea ning Bret, langsung ledis, untung teu jeung dedek entehna ge!“ ceuk Dakim nyarita ka uing.
Bari nyarita pas ningali dina korsi aya sarung, sajadah jeung kopeah, langsung ngagebeg, da inget yen tadi peuting Tarawehan di Masjid al-Ikhlas.
“Tapi da yakin henteu batal, nya diteruskeun we puasa nepi ka maghrib,“ ceuk si Dakim deui meni siga anu bungah.
Aya deu carita si Dakim jeung sobatna, kacida pisan eta mah. Harita maranehna masih keneh jadi santri di Tasikmalaya. Caricingna teu di Kobong, tapi di kosan, istilah harita mah, di indung-indungan, anu boga kos-kosan.
Dakim jeung sobatna boga kabiasaan, mun isuk-isuk bareres marandi sok maroyan bari “Ngopdud“ tea.
Tah ccaritana cenah dina bulan puasa harita maranehna teu marulang siga santri–santri sejenna, tapi engke we ari deuk Lebaran.
Poe mimitian puasa harita, jiga biasana, sanggeus marandi isuk-isuk, bari maroyan, kopi anu nyerebung keneh jeung udud Garpit teu tinggaleun.
Suruput kopi panas, terus nyerebung haseup udud Garpit. Nya deuk teu ni’mat kumaha atuh, tos siram cai Sumur, teras moyan bari disarengan ku bala-bala, cikopi panas sareng udud Garpit.
Mangkaning moyanna masih di lingkungan Pasantren. Atuh puguh we rek teu gujrud kumaha, bulan puasa, isuk-isuk geus wani ngopi jeung arudud di luar imah, bari jajalaneun pisan deuih.
Tapi manusa anu dua eta mah cenah, hadeuhhh, teu kireum-kireum, jarongjon we ngaropdud, malah cenah ceuk si Dakim ka sobatna ngomong,
“Ja naha nya, jelema teh, poe ieu mah meni pikasarebeleun pisan marelongna ka urang teh, meni siga ka maru pisan,“ ceuk si Dakim ka sobatna.
Sobatna ukur melong bari seuri. “Sirikeun tateh ka urang duaan, teu bisaeun menikmati hidup, kabitaeun ningali urang moyan bari ngopi jeung udud, maranehna mah teu bogaeun duit, jadi we sirik,“ ceuk sobatna bari ngahihih seuri.
Unggal anu ngaliwat, taya anu teu ngareret bari siga anu aneh, siga anu nga-naha-naha. Tapi santri anu dua eta mah angger we jongjon “menikmati suasana pagi nan indah dan cerah“.
Keur aranteng kitu, Ma Uti, indung-indungan maranehna, gègèrèwèkan ti pipir tukang bari ngulang-ngulang sapu nyèrè..
“Gustiiii, teu ridooooo, teu sudiiiii imah aing dipake maksiat, Naa sia teh Karja, Dakim, alahbatan kafir pisan maneh teeeeeh, batur mah paruasa, ieu mah kalah ka ting pelenyun udud bari ngaropi! Eraaaaaa aing mah boga barudak siga kitu patuuut,“ ceuk Ma Uti gègèrèwèkan.
Si Dakim jeung sobatna tingraringeuh, bari terus ngibrit ka jero kamar. “Alaaaaaah siah Karja, pan peuting teh Taraweh di Tajug, da maneh kabeurangan jadi weh teu kabagean dahar Janari,“ ceuk si Dakim. Si Karja sobatna tea, ukur cicirihilan, bari langsung kekemu.
“Teu batal ari poho mah atuh Kim, sok tanyakeun ka Pa Ilyas,“ ceuk si Karja meni pede jeung yakin pisan.
“Lain sual batal jeung henteuna aingah, wirangnaaaaaa.” ceuk si Dakim, bari sarua kekemu.
Hihihi.. tah kitu Nitikers sadaya, dongeng poho dina bulan puasa. Carita ieu ngan saukur piktip, bilih aya nu sami, hampuraeun.
Wilujeng ibadah Shaum. Mugia urang sadaya kalebet kana golongan jalmi-jalmi anu Taqwa ka Allah Subhanahu Wa Ta’ala. Aamiin Yaa Robbal ‘aalamiin.