Nitikan.id – Saur sepuh, jalma miskin lain ukur aya di lembur urang dalah di nagara maju ogè, jiga Amerika, aya ogè nu miskin. Ngan bae meureunan kondisi jalma miskin di nagara maju kaayaanana moal sarua jeung di nagara urang.
Di nagara urang mah waraga nu miskin teh matak watir tur pingeneseun, paribasa, bodas kari huntu, hèrang kari mata. Deudeuh teuing, sok inget ka awak sorangan.
“keur naon Ja, jiga loba nu dipikiran. Kadè ulah tarik teuing, komo dina mangsa pandemi jiga kieu, tenang wèh atuh coy?” ceuk si Hamid, ngamimitian.
“Naon Mid, kuring mah najan hirup koreh-koreh cok, mun teu ngalengkah moal nguah, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu indit moal boga duit, da kitu kanyataanana.” Ceuk si Karja bari ngelepus ududna.
“Sok komo lamun nu teu boga pacabakan matuh, kudu caricing di imah, kamana poharanana lamun teu nyedek kana beuteung kukurubukan mènta eusi,” tembal Karja bari nyuruput kopi hideung.
“Naon hesena atuh Ja, lapar kari barangdahar, tunduh kantun ngagoler, atuh tamba tiris neangan nu haneut-haneut kari keukeupan knalpot.. hihih..” tembal si Hamid ngaheureuyan
“Wadul ah, ari nyarita teh teu dirautan heula. Sakieu keur sagala waluratna, ngajak heureuy anu teu pararantes. Ngadengana hayang ongkek, bororaah hayang seuri!” ceuk si Karja semu ambek.
“Seuri mah seuri wae atuh Ja, naon hesena da teu mayar ieuh. Apanan ari gumujeng teh sehat, malihan tiasa ngaronjatkeun imun. Tapi bener ogè maneh Ja, rek kumaha tiasa seuri, karasa ku kuring, kakarak oge beubeunangan dagang geus beak ku pangabutuh.” Tembal Hamid rada serius.
“Tah gening maneh boga rarasaan. Pangabutuh sorangan mah rada bisa ditahan, tapi pangabutuh budak jeung pamajikan mah, hadeuh apal meureun maneh ge.” Ceuk si Karja.
Karja tuluy nyarita “Maneh mah mending boga pakasaban jeung modal, kuring mah kuli, aya pagawean digawean, mun euweuh nya kieu ngopi ngudud ngawadul,” Ceuk si Karja bari ngalinting bako.
“Ngukur lembur makmur kalawan rahayatna sajahtra, gampang nyirikeunana, teu kudu diuar-urar kana koran. Tapi tingali ka handap mun nu mariskin bisa seuri tandaning kahirupanana sajahtra. Sabab bangbaluh kahirupanana kaubaran ku kasugemaan lahir kalawan batin. Atuda kumaha ieu mah tibalik, para pejabatna wae anu sareuri teh mani ngagarakgak, ari rayatna ukur maranyun alatan kabentur ku kamiskinan. Rek bisa seurina kumaha, papada seuri ge ukur seuri nyeungseurikeun diri.” Ceu Karja bari nyeuneut bako lintingna.
“Enya Ja. Tapi da kuring kadieu teh rek ngabangbrangkeun kapusing, maneh kalakah serius.” Ceuk Hamid.
“Nya sok atuh ngobrol nu pikaseurieun,” ceuk si Karja.
Duanana tingharuleng bari nyeuseup udud.
Teu lila jol datang si Dakim ti kajauhan ngagupayan bari ngomong ” Mid, Ja, keur nara…” Gedebug teh si Dakim labuh bari diuk tisoledat.
Nya atuh si Hamid jeung Karja nu keur ngahuleng serius teh duanana langsung ngabarakatak seuserian.
Selamat Hari Tertawa Sedunia 7 Mei

