Nitikan.id – Bulan puasa geus datang deui. Kuring mah sok resep mun bulan puasa teh. Ari waktuna puasa mah teu pati resep da sok lapar, Komo mun tengah poe mah, peujit teh tangka sok murilit bakating ku lapar. Tikoro garing hayang minum, awak lungsè euweuh tanaga, titingalian gè sok ranyay teu puguh.
Resepna dina waktuna buka puasa. Sagala ngeunah rarasaan teh. Nginum cai hèrang gè asa ngeunaaaaah pisan. Mun geus ngasaan mah boa asa cai surga ku ngeunah-ngeunahna.
Tuluy nyomot korma hiji. Ceuk dokter mah alus korma keur buka puasa, tekstur lembut jeung rasana gè amis.
Tos eta tuluy ngahanca bala-bala haneut anu dicocolkeun ka sambel suuk. Hadeuhhhh pedo pokona mah.
Diteraskeun kana sholat magrib. Rèngsè sholat kakara nyerbu sangu jeung balad-baladna. Nepi ka wareg. Sakapeung mah dahar gè jiga nu balas dendam. Bakating ku wareg teuing nepi ka hèsè cengkat. Jiga nu katembak. Tinggaloler hareupeun tipi.
Beres golar-goler waktuna ka masjid Taraweh. Tah dina waktuna tarawèh eta nu paling resep pisan mah, sok loba pikaserieunana, tapi mun tarawèhna gigireun mamah tara bisa seuseurian da sok di polototan.
Mamah mah galak pisan lamun heureuy kanu urusan ibadah teh. Mun barudak lalaki nu balangor gè sok dicarèkan ku mamah nepi ka caricing
Ari bangor na budak lalaki tea atuh sok kaleuleuwihian. Mun keur nangtung sok silih sered nepi ka patingrampeol malah aya nu sok ngagedebug labuh segala.
Mun geus kitu sok tingarusek seuri ditahan. Mun keur ruku nu cicing di tukang sok nyundul bujur di hareupeunna, nepi ka ngajolongjong nyundul deui nu hareupeunna, atuh jadi tabrakan beruntun.
Atawa mun keur sujud, nu tukang sok nyodok bujur nu hareupeuna nepi ka tinggurubug. Ktu deui mun amin. Sok bari diheureuykeun. Sakapeung mah sok dipanjangkeun pisan.
Aya deui anu babaturanna geus nyiapkeun kertas ataw daun, jadi pas amin teh diablemkeun kertas ataw daunna ka baham babaturannna. Atuh puguh kitu tea rasana tea anjeun gè kungsi ngalaman meureun.
Kadang amin sok patarik-tarik bari dilagukeun. Nepi ka diwarah ku pa ustad. Tapi da angger rèpèhna teh ukur sababaraha rokaat. Kadituna mah der deui garandeng.
Di tanggal hiji nepi ka tanggal 10 mah masjid teh pinuh keneh ku nu tarawèh, malah mah sok lèbèr nepi ka buruan masjid, da di jerona teu kabagean.
Nincak tanggal wewelas-an geus mimiti corengcang loba nu alpa. Nu sok getol teh ukur barudak wèh, kolotna mah jarang. Ceuk mamah mah ceunah geus loba nu gugur babak penyisihan, jadi semifinal tinggal saeutikan.
Tah, mun geus lilikuran, masjid teh sok rada pinuh deui, da katambahan nu mudik ti kota. Jamaah lolobana angger wèh barudak sakola. Da èta meureun meunang tugas ti sakola kudu ngeusian buku romadon.
Pas peuting pang ahirna, kuring jeung mamah pangheulana datang ka masjid. Ayeuna malam final. Ngan juara bertahan nu kuat hadir.
Alhamdulillah beres puasa jeung taraweh. Mugia dimprokeun deui sareng romadon taun hareup. Aamiin

